Kamis, 14 Juni 2012

Ngaraketkeun Duduluran

Ngaraketkeun Duduluran Kawajiban Sakumna Masarakat Ku: Mahmud Yunus Dumasar kana katerangan Al-Quran kabéh manusa di mana baé ayana diyugakeun ku Allaoh SWT nurutkeun kakawasaan manten-Na. Mimita mah ngan saurang nyaéta Adam. Sawatara waktu ti harita diciptakeun Hawa nu satuluyna jadi pasangan hirupna. Sabada Adam jeung Hawa ngahiji jadi pasangan hirup, rundayana nambahan ti waktu ka waktu, ti hiji generasi ka generasi séjéna. Kiwari, teu mustahil mun jumlahna ditaksir geus ngahontal angka lima milyar urang. Nyarandé kana katerangan bieu, sakumna manusa nu kumelendang di alam dunya téh dulur saindung-sabapa. Ku kituna rupa-rupa warna kulit, turunan, basa, budaya, kaboga, pacabakan atawa profesi jeung lemah cai ogé agama alusna mah tong jadi hahalang keur ngagalang kakuatan dina raraga ngawangun masarakat nu dicita-citakeun. Lantara kitu pantes kacida mun dina hirup kumbuhna sapopoé, maranéhna nyekel pageuh prinsip siling asah, siling asih, siling pikanyaah. Kumaha kanyataanana kiwari ? Kasaksén ku balaréa teu saeutik pasualan masarakat nu katolér-tolér teu diropéa alatan ngarasa lain tanggungjawabna. Maranéhna anggur hirup séwang-séwangan teu maido ka sasama, nu penting kahayang dirina tinekanan. Leuwih ti kitu, aya sawaréhna nu jadi pucuk ti girang atawa jadi sumber kakacowan di masarakatna sorangan. Mun peta kitu diantepkeun, tegesna teu gancang didangdanan balukarna bisa leuwih parna. Saha nu nyaho, duduluruan bakal robah jadi mumusuhan. Tina sawaréh pamanggih para ahli élmu sosial jeung kaagamaan, perkara nu matak ngabalukarkeun pacengkadan, mumusuhan, megatkeun silaturahmi jeung kahancuran masarakat téh diakibatkeun ku fanatisme heureut. Fanatisme heureut téh ngandung harti sikep hiji jalma nu nganggap bener pamadegan atawa pamanggihna sorangan wungkul. Sabalikna, pamadegan jeung pamanggih batur mah salawasna dianggap salah. Salian ti éta, jalma nu mibanda fanatisme heureut mah sok maksa mirusa ka nu lian sangkan sarua atawa sapamadegan jeung dirina. Sabab-musababna pacéngkadan téh réa di antarana baé: (1) fanatisme paham kaagamaan, (2) fanatisme madzhab, (3) fanatisme jama’ah, (4) fanatisme syu’ubiyah, (5) fanatisme imam, (6) fanatisme qobailiyah, jeung (7) fanatisme wathoniyah. Padahal nurutkeun Islam ayana perbédaan téh kudu dijadikeun rahmat (kakuatan). Babandingana mun dina anggahota badan urang aya leungeun kénca jeung katuhu atawa suku kénca jeung katuhu éta nuduhkeun aya perbédaan fungsi. Ngan mun perbédaan fungsi leunegun kénca jeung katuhu atawa suku kénca jeung katuhu dimangpaatkeun sakumaha mistina tangtu baris jadi hiji kakuatan. Perhatikeun, ramo leungeun atawa ramo suku urang pan ukurana jeung ngarana béda-béda. Aya nu leuwih gedé batan nu séjéna. Aya nu leuwih panjang batan nu séjéna. Aya nu ngarana indung leungeun. Aya nu ngarana curuk jeung sajabana. Tangtu aya maksudna. Duduluran (ukhuwwah) téh kacida pentingna, keur kapentingan kamasarakatan pon kitu keur kapentingan kaagamaan. Alloh SWT maréntahkeun kitu ka sakur hamba-Na nu ariman. Dumasar kana pidawuh-Na dina QS Al-Hujurot ayat 10, duduluran jeung papada mu’min hukumna wajib. Hartina, keur sing saha baé nu migawé kahadéan (amal soléh) bakal ngalap maslahatna. Sabalikna, keur sing saha baé nu migawé kagoréngan (amal salah) bakal ngalap madorotna. Duduluran nu ditétlakeun dina QS Al-Hujurot ayat 10, satuluyna mindeng disebut ukhuwwah imaniyah. Ngandung harti duduluran antara sasama umat nu saiman. Antara mu’min jeung mu’min. Béh dituna antara muslim jeung muslim. Ngeunaan hal ieu, Rosululloh SAW nandeskeun hiji muslim jeung muslim séjéna ibarat hiji wawangunan. Anjeuna ogé nyebatkeun hiji muslim jeung muslim séjéna lir badan sakujur. Sakumaha lazimna, boh dina wawanguan kitu deui dina badan urang satiap unsur wawangunan atawa anggahota badan ayana kudu siling lengkepan. Teu aya hiji unsur wawangunan atawa anggahota badan nu disapirakeun. Kabéhanana ogé penting jeung diperelukeun. Nu ngabédakeun mah ukur fungsina. Upamana, dina wawangunan, fungsi tatapakan teu sarua jeung fungsi hateup. Nya kitu kénéh fungsi panto teu sarua jeung fungsi jandéla, jsté. Sedengkeun dina badan, fungsi suku teu sarua jeung fungsi leungeun. Nya kitu deui fungsi mata moal sarua jeung fungsi ceuli, jsté. Kumaha wujud duduluran jeung sasama muslim téh ? Nurutkeun katerangan QS Al-Hujurot ayat 29 duduluran bisa kahontal ku ngalaksanakeun tujuh rupa pagawéan: Kahiji, ngayakinkeun yén kangjeng Nabi Muhammad SAW éta piwarangan Alloh SWT nu saéstuna. Sanggeus kitu anjeuna ogé dijadikeun pieunteungeun (uswah hasanah) ku saréréa dina ngalaksanakeun hak jeung kawajiban séwang-séwangan. Kadua, istiqomah dina ngagem agama Islam najan dirina keur aya di lingkungan kaom kafir (non muslim). Katilu, siling pikanyaah jeung sasama muslim. Kaopat, mayeng ngalaksanakeun solat barjamaah/sakurang-kurangna solat Juma’ah. Kalmia, nyiar waragad hirup atawa kasab di jalan nu dipikarido ku Alloh SWT. Contona, ngaliwatan jual-beuli nu bener nurutkeun syaréat Islam. Ari jual-beuli nu salah (nu dina prak-prakanana ngandung unsur riba) bisa nimbukeun mumusuhan. Lantaran sawaréh pihak aya nu dirugikeun. Kagenep, solat nu dipigawé kudu aya tapakna. Tegesna, kudu mawa pangaruh nu nyata kana sikep jeung paripolah nu migawéna sapopoé. Katujuh, ajén kaimanan kudu ngaronjat ti waktu ka waktu. Mun tujuh rupa pagawéan nu ditaan bieu geus kapimilik ku umat Islam tangtu maranéhna baris jadi umat pinunjul (khoiro ummah) dibandingkeun jeung umat séjéna. Masarakat urang lain umat Islam wungkul. Kumaha tah duduluran jeung non muslim téh ? Di sagigireun ngalaksanakeun paréntah Alloh SWT nurutkeun dua ayat Surat Al-Hujurot nu geus dijelaskeun di hareup, Kangjeng Nabi Muhammad SAW ogé meraktekkeun prinsip tasamuh atawa toléransi nu ditétélakeun ku ayat séjén dina Al-Quran kénéh. Tasamuh atawa toléransi ngandung harti ngayakinkeun yén nu dingaranan manusia kabuktianana teu sarua sagalana jeung teu béda sagalana. Dina prakna tasamuh mah sok ngaheulakeun nu saruana. Sedengkeun perkara-perkara nu béda mah ngahaja tara digedé-gedékeun. Kitu téh sangkan bisa hirup babarengan dina kaayaan titi tengtrem karta raharja, runtut raut, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Nu penting pisan mah ulah tepi ka siling ganggu (tingali QS Al-Kafirun: 1-6 jeung QS Yunus: 40-41). Mun kabeneran bisa babantu atawa tulung-tinulungan ka nu lian, pék laksanakeun ari nyangkut pasualan nu teu patojaiyah jeung akidak mah. Ngaraketkeun duduluran Insya Alloh bisa diungkulan ku cara-cara di antarana: (1) Alus sangka (husnudzon) ka nu lian, (2) Nétélakeun béja atawa bewara langsung ka sumberna (tabayyun), (3) Siling wasiatan ku jalan bebeneran atawa hak jeung katakwaan (taushiyah), (4) Ngusahakeun sangkan dulur-dulur urang nu pagetréng alakur deui (ishlah), (5) Ngahargaan kayakinan deungeun najan béda jeung kayakinan urang (tasamuh), (6) Ngabiasakeun silaturahmi jeung sasama. Wallohu A’lam. Mahmud Yunus, ngawulang di SMA Negeri 1 Banjar sareng di STIT Muhammadiyah Banjar Provinsi Jawa Barat