Rabu, 05 Juni 2013

Tumarima Kana Kadar
Ku Mahmud Yunus
D
iriwayatkeun ti Abu Hurairoh RA, Rasululloh SAW kantos ngadawuh: Alloh SWT ngadoja tilu urang turunan Israél. Nu tilu urang téh mibanda kakurang atawa kasusah séwang-séwangan. Nu saurang sakujur awakna katarajang kasakit kulit (kusta, koréng atawa budug). Nu saurang sirahna butak. Buleneng nepi ka semu hérang. Nu saurang deui panona lolong alias tunanétra. Alam dunya teu sirikna poék mongkléng buta radin. 
Satuluyna, Alloh SWT maréntahkeun malaikat sangkan inyana nepungan nu tiluan. Malaikat nu ditugaskeun ngadatangan nu katarajang kasakit kulit, nalék: “Dina kaayaan saperti kitu, naon nu paling dipikahayang ku ilaing?”. Ceuk nu ditanya saujratna: “Kulit kuring hayang cageur sabihari. Sangkan katempona beresih, sarta éndah. Cindekna, panyakait kuring hayang dileungitkeun sapuratina ambéh batur teu gareuleuheun. Sabadana kitu, malaikat ngusapkeun “dampal panangana” kana sakujur awakna nu katarajang ku kasakit kulit téa. Atuh dadak sakala, inyana cageur sabihari. Kulitna beresih, sarta éndah. Sasatna taya céda saeutik-eutik acan. Sanggeusna kitu, malaikat nanya deui: “(Ayeuna anjeun geus cageur), anjeun tangtu ngabutuhkeun pakaya. Sabenerna pakaya naon nu paling dipikahayang ku anjeun?” Inyana ngajawab: “Onta”, ceuk sakaol deui sapi. Sapada harita, malaikat “ngasongkeun” onta bikang keur reuneuh ka manéhna. Laju ngadoakeun, “mugi Alloh SWT ngalélérkeun kaberkahan ka anjeun ku lantaran ieu onta”.
Basa malaikat nepungan nu butak, inyana nalék: “Dina kaayaan saperti kitu, naon nu paling diharepkeun ku ilaing?”. Ceuk nu ditanya sahinasna: “Kuring ngaharepkeun boga buuk nu gomplok sarta éndah. Sangkan aéb kuring kasumputkeun. Geus kitu mah sugan jeung sugan, kuring moal dijarauhan deui ku balaréa”. Sabadana kitu, malaikat ngusapkeun “dampal panangana” kana sirahna nu butak. Atuh dadak sakala, buukna jadi deui. Kaayaana gomplok malah leuwih éndah batan bihari. Sanggeusna kitu, malaikat nanya deui: “Anjeun tangtu ngabutuhkeun pakaya. Sabenerna, pakaya naon nu paling dipikahayang ku anjeun?”  Inyana ngajawab: “Sapi”. Sapada harita, malaikat “ngadatangkeun” sapi bikang keur reuneuh ka éta jalma. Malaikat ngadoa, “mugi Alloh SWT ngalélérkeun kaberkahan ka anjeun ku lantaran ieu sapi”.
Basa malaikat nepungan nu tunanétra, inyana nalék: “Dina kaayaan saperti kitu, naon nu paling diharepkeun ku ilaing?” Jawab nu ditanya satarabasna: “Abdi miharep hiji waktos Alloh SWT ngersakeun soca abdi tiasa ningali deui sabihari. Sangkan abdi tiasa ningali manusa sarta tiasa ngabuktikeun éndahna alam dunya”. Laju, malaikat ngusapkeun “dampal panangana” kana lebah kongkolak panona. Atuh dadak sakala, panona tiasa ningali deui kalawan jelas sakumaha bihari. Sanggeusna kitu, malaikat nanya deui: “Anjeun tangtu ngabutuhkeun pakaya. Sabenerna pakaya naon nu paling diharepkeun ku anjeun?”. Jawab nu ditanya: “Abdi téh hoyong pisan gaduh embé. Upami tinekanan, Insya Alloh badé diingu kalawan gumati turta soson-soson”. Teu lila ti harita, malaikat “ngasongkeun” embé bikang keur reuneuh ka éta jalma. Bari tuluy didoakeun, “mugi Alloh SWT ngalélérkeun kaberkahan ka anjeun ku lantaran ieu embé”.                           
Gancangna carita onta, sapi, nya kitu deui embé nu hakékatna dikurniakeun ku Alloh SWT ka tilu urang turunan Israél téh beuki lila beuki ngalobaan. Malahan antukna mah éta nu tiluan téh boga lahan pangangonan ingon-ingona masing-masing nu kaitung lega. Najan teu kungsi kacaritakeun sabaraha jumlahna. Ngan nu pasti, éta nu tiluan téh hirupna suka bungah. Bisa disebutkeun taya kakurang naon-naon.
Hiji waktu, malaikat nu baréto nepungan ka nu kakeunaan ku kasakit kulit téa ditugaskeun ku Alloh SWT datang deui ka inyana. Manggihan deui. Bédana, ayeuna mah dina rupa hiji lalaki nu sakujur awakna pinuh ku kasakit kulit (kusta, koréng atawa budug). Papakéana rubang-rebing sarta bau. Awahing ku tara diseuseuh. Singgetna, peresis kawas kaayaan manéhna baréto. Malaikat nyarita kieu: “Kuring téh jalma miskin. Katurug-turug kuring téh béakeun bekel. Sedengkeun lalampahan kuring masih jauh. Kuring ngayakinkeun poé ieu teu aya nu bisa nulungan ka kuring kajaba Alloh SWT jeung andika. Kuring ménta tulung ka andika nu boga kulit nu beresih sarta éndah turta pakaya nu sakitu lobana. Dipasihan onta hiji ogé cekap. Ku kuring baris digunakeun keur nuluykeun lalampahan. Wayahna, juragan”.
Sabab ayeuna mah geus jadi jalma beunghar, dipéntaan tulung téh inyana kalah nyégag. Bari pok ngomong sangeunahna: “Lah, boro-boro kudu barang-béré ka batur nu puguh mah kuring sorangan ogé réa kénéh kabutuh”. Kituna téh bari jeung kuraweud haseum. Malaikat némpas caritaan: “Sabenerna kaula apal ka anjeun. Apanan anjeun téh nu baréto katarajang kasakit kusta nu kungsi diasingkeun ku papada jalma. Iwal ti kitu, anjeun ogé kaasup jalma mararat. Ngan ku lantaran kamurahan Alloh SWT anjeun dicageurkeun jeung dijadikeun jalma nu sagala aya kawas ayeuna”. Kalawan sombong pokna: “Yeuh, mun hayang apal mah sakabéh harta-banda kuring warisan ti bapa kuring. Sedeng harta-banda bapa kuring warisan ti aki kuring. Nyaho?”. Sanggeus kitu, malaikat ngingetan: “Heug, ari kitu mah. Ngan mun anjeun wadul, mugi Alloh SWT mulangkeun deui kaayaan anjeun kana kaayaan saperti baréto”. Da puguh wadul téa, nya doa malaikat téh dikabulkeun ku Alloh SWT.
Satuluyna, malaikat nepungan deui jalma nu barétona butak dina kaayaan butak. Sanggeus jonghok, malaikat saperti ka jalma nu barétona katarajang kasakit kusta nyarios: “Kuring téh kaasup jalma teu boga. Katurug-turug kuring téh béakeun bekel. Sedengkeun lalampahan kuring masih kénéh jauh. Kuring ngayakinkeun poé ieu teu aya nu bisa nulungan ka kuring kajaba Alloh SWT jeung andika. Kuring ménta tulung ka andika nu miboga buuk gomplok sarta éndah turta pakaya nu sakitu lobana. Dipasihan saharga sapi hiji ogé cekap. Ku kuring deuk digunakeun keur bekel nuluykeun lalampahan. Wayahna tulungan kuring, juragan”. 
Sabab ayeuna mah geus jadi jalma beunghar, dipéntaan tulung téh inyana kalah ambek. Bari pok ngomong sangeunahna: “Boro-boro kudu barang-béré ka batur nu puguh mah kuring sorangan ogé réa kénéh kabutuh”. Kituna téh bari jeung jamedud baeud. Malaikat némpas caritaan: “Sabenerna kaula apal ka anjeun. Apanan anjeun téh nu baréto butak, buleneng semu hérang nu kungsi disingkahan ku papada jalma. Iwal ti kitu, anjeun ogé kaasup jalma masakat sagala walurat. Ngan ku lantaran kamurahan Alloh SWT anjeun dicageurkeun jeung ditakdirkeun jadi jalma nu sarwa aya cara ayeuna”. Kalawan sombong pokna: “Yeuh, mun di dinya hayang apal sakabéh harta-banda kuring asalna warisan ti bapa kuring. Sedengkeun harta-banda bapa kuring asalna warisan ti aki kuring”. Sanggeus kitu, malaikat ngawaler: “Jeun, ari kitu mah. Ngan mun anjeun bohong, mugi Alloh SWT mulangkeun deui kaayaan anjeun kana kaayaan saperti baréto”. Da puguh bohong téa, nya doa malaikat téh dikabulkeun ku Alloh SWT. Tegesna, balik deui jadi jalma butak jeung jadi jalma teu boga.
Satuluyna, malaikat diparéntahkeun ku Alloh SWT sangkan manggihan jalma nu barétona lolong dina kaayaan tunanétra. Sakumaha ka nu duaan tadi, malaikat ngahaja ngébréhkeun maksud kadatangana. Yén inyana merelukeun bantuan ti manéhna. Saur malaikat nu nyamar jadi tunanétra: “Kuring téh jalma lieuk euweuh ragap taya. Kajaba ti éta ayeuna kuring dina kaayaan teu gaduh bekel mangkaning lalampahan masih tebih kénéh pisan. Kuring yakin teu aya nu bakal tiasa nulungan iwal ti Alloh SWT sareng pangersa. Mugi pangersa teu kaabotan masihan embé ka sim kuring. Cekap sahiji ogé”. Béda jeung dua jalma nu dipéntaan tulung ku malaikat saméméhna, jalma nu katilu mah tumarima pisan. Pokna: “Kuring baréto sarua jeung anjeun, jalma tunanétra sarta jalma mararat. Tapi, Alhamdulillah hiji waktu Alloh SWT ngersakeun kuring jadi jalma nu bisa ningali (deui) éndahna alam dunya turta mibanda kakayaan nu sakieu lobana. Ku sabab kitu, kuring sama sakali teu kabeuratan nulungan ka anjeun. Mangga, bilih badé milihan ku nyalira ogé. Sareng teu langkung salira badé nyandak sabaraha baé ogé. Nu penting aya sésana keur kuring”.
Ngadangu jawaban bieu, malaikat nandeskeun: “Hatur nuhun. Saéstuna kaula diparéntahkeun ku Alloh SWT ngadoja aranjeun nu tiluan. Anjeun lulus tina dodoja. Ku sabab kitu Alloh SWT rido ka anjeun. Sedengkeun nu duaan deui gagal tina dodoja ti Pangérana. Ku kituna Anjeunna bendu ka nu duaan”.
Alloh SWT ngajelaskeun: “Saéstuna ka maranéh baris ditibankeun cocoba dina hal harta-banda katut jiwa raga maranéh” (QS Ali Imron [3] : 186). Alloh SWT ngadawuh: “Upama Alloh ngersakeun tanwandé maranéh dijadikeun hiji umat nu tunggal, tapi Alloh rék nyoba maranéh tina saniskara nu geus dipaparinkeun ka maranéh. Maranéh kudu paheula-heula ngalampahkeun kahadéan” (QS Al-Maidah [5] : 48). Dina ayat séjén Alloh SWT nétélakeun: “Jeung sing nyaho, yén harta-banda maranéh jeung anak-anak maranéh téh ngan ukur cocoba jeung saéstuna Alloh, nya di Anjeuna aya pahala nu gedé téh” (QS Al-Anfal [8] : 28). Dina ayat-ayat bieu tétéla yén harta-banda, jiwa raga sarta rundayan téh dodoja. Dodoja kaimanan! Aya sawaréhna nu lulus jeung aya sawaréhna deui nu gagal. Ngan mun nengetan kisah tilu urang turunan Israél dina hadits nu dicutat dina bahasan ieu nétélakeun, inyana nu lulus leuwih saeutik batan nu gagal. Tegesna, ukur saurang ti nu tiluan. Ieu nuduhkeun dodoja ku mangrupa harta-banda leuwih beurat nandangana batan didoja ku nu séjénna. Sakumaha pada ma’lum, hususna keur jalma nu ipis iman, harta-banda bisa nyababkeun nu mibandana sombong, gedé hulu alias takabur. Antukna, poho jeung nukang-nonggong ka Pangérana.

Dodoja ti Alloh SWT ka manusa lain tanpa tujuan. Ti antara tujuan Alloh SWT ngadoja manusa nya éta sangkan imanna leuwih kuat, ahlak sarta budi pekertina leuwih alus jeung rasa syukurna ka Alloh SWT leuwih ngaronjat. Kisah nu kaalaman ku tilu urang turunan Israél bisa tumiba ka saha baé. Ku lantaran kitu, sawadina sayaga dina narima kadar/papastén ti Alloh SWT keur urang. Boh papastén hadé pon kitu deui papastén goréng. Allahumma inni a’uudzubika min adzaabi jahannama wa min adzaabi al-qabri. Wa min fitnati al-mahyaa wa al-mamaati. Wa min fitnati al-masiihi ad-Dajjal.***