Tumarima Kana
Kadar
Ku Mahmud Yunus
D
|
iriwayatkeun
ti Abu Hurairoh RA, Rasululloh SAW kantos ngadawuh: Alloh SWT ngadoja tilu
urang turunan Israél. Nu tilu urang téh mibanda kakurang atawa kasusah séwang-séwangan.
Nu saurang sakujur awakna katarajang kasakit kulit (kusta, koréng atawa budug).
Nu saurang sirahna butak. Buleneng nepi ka semu hérang. Nu saurang deui panona
lolong alias tunanétra. Alam dunya teu sirikna poék mongkléng buta radin.
Satuluyna, Alloh SWT maréntahkeun
malaikat sangkan inyana nepungan nu tiluan. Malaikat nu ditugaskeun ngadatangan
nu katarajang kasakit kulit, nalék: “Dina kaayaan saperti kitu, naon nu paling
dipikahayang ku ilaing?”. Ceuk nu ditanya saujratna: “Kulit kuring hayang
cageur sabihari. Sangkan katempona beresih, sarta éndah. Cindekna, panyakait
kuring hayang dileungitkeun sapuratina ambéh batur teu gareuleuheun. Sabadana
kitu, malaikat ngusapkeun “dampal panangana” kana sakujur awakna nu katarajang
ku kasakit kulit téa. Atuh dadak sakala, inyana cageur sabihari. Kulitna
beresih, sarta éndah. Sasatna taya céda saeutik-eutik acan. Sanggeusna kitu,
malaikat nanya deui: “(Ayeuna anjeun geus cageur), anjeun tangtu ngabutuhkeun pakaya.
Sabenerna pakaya naon nu paling dipikahayang ku anjeun?” Inyana ngajawab:
“Onta”, ceuk sakaol deui sapi. Sapada harita, malaikat “ngasongkeun” onta
bikang keur reuneuh ka manéhna. Laju ngadoakeun, “mugi Alloh SWT ngalélérkeun
kaberkahan ka anjeun ku lantaran ieu onta”.
Basa malaikat nepungan
nu butak, inyana nalék: “Dina kaayaan saperti kitu, naon nu paling diharepkeun ku
ilaing?”. Ceuk nu ditanya sahinasna: “Kuring ngaharepkeun boga buuk nu gomplok
sarta éndah. Sangkan aéb kuring kasumputkeun. Geus kitu mah sugan jeung sugan,
kuring moal dijarauhan deui ku balaréa”. Sabadana kitu, malaikat ngusapkeun
“dampal panangana” kana sirahna nu butak. Atuh dadak sakala, buukna jadi deui.
Kaayaana gomplok malah leuwih éndah batan bihari. Sanggeusna kitu, malaikat
nanya deui: “Anjeun tangtu ngabutuhkeun pakaya. Sabenerna, pakaya naon nu
paling dipikahayang ku anjeun?” Inyana
ngajawab: “Sapi”. Sapada harita, malaikat “ngadatangkeun” sapi bikang keur reuneuh
ka éta jalma. Malaikat ngadoa, “mugi Alloh SWT ngalélérkeun kaberkahan ka
anjeun ku lantaran ieu sapi”.
Basa malaikat nepungan
nu tunanétra, inyana nalék: “Dina kaayaan saperti kitu, naon nu paling
diharepkeun ku ilaing?” Jawab nu ditanya satarabasna: “Abdi miharep hiji waktos
Alloh SWT ngersakeun soca abdi tiasa ningali deui sabihari. Sangkan abdi tiasa
ningali manusa sarta tiasa ngabuktikeun éndahna alam dunya”. Laju, malaikat
ngusapkeun “dampal panangana” kana lebah kongkolak panona. Atuh dadak sakala,
panona tiasa ningali deui kalawan jelas sakumaha bihari. Sanggeusna kitu,
malaikat nanya deui: “Anjeun tangtu ngabutuhkeun pakaya. Sabenerna pakaya naon
nu paling diharepkeun ku anjeun?”. Jawab nu ditanya: “Abdi téh hoyong pisan
gaduh embé. Upami tinekanan, Insya Alloh badé diingu kalawan gumati turta soson-soson”.
Teu lila ti harita, malaikat “ngasongkeun” embé bikang keur reuneuh ka éta
jalma. Bari tuluy didoakeun, “mugi Alloh SWT ngalélérkeun kaberkahan ka anjeun
ku lantaran ieu embé”.
Gancangna carita onta,
sapi, nya kitu deui embé nu hakékatna dikurniakeun ku Alloh SWT ka tilu urang
turunan Israél téh beuki lila beuki ngalobaan. Malahan antukna mah éta nu
tiluan téh boga lahan pangangonan ingon-ingona masing-masing nu kaitung lega.
Najan teu kungsi kacaritakeun sabaraha jumlahna. Ngan nu pasti, éta nu tiluan téh
hirupna suka bungah. Bisa disebutkeun taya kakurang naon-naon.
Hiji waktu, malaikat nu
baréto nepungan ka nu kakeunaan ku kasakit kulit téa ditugaskeun ku Alloh SWT
datang deui ka inyana. Manggihan deui. Bédana, ayeuna mah dina rupa hiji lalaki
nu sakujur awakna pinuh ku kasakit kulit (kusta, koréng atawa budug). Papakéana
rubang-rebing sarta bau. Awahing ku tara diseuseuh. Singgetna, peresis kawas
kaayaan manéhna baréto. Malaikat nyarita kieu: “Kuring téh jalma miskin.
Katurug-turug kuring téh béakeun bekel. Sedengkeun lalampahan kuring masih
jauh. Kuring ngayakinkeun poé ieu teu aya nu bisa nulungan ka kuring kajaba Alloh
SWT jeung andika. Kuring ménta tulung ka andika nu boga kulit nu beresih sarta éndah
turta pakaya nu sakitu lobana. Dipasihan onta hiji ogé cekap. Ku kuring baris
digunakeun keur nuluykeun lalampahan. Wayahna, juragan”.
Sabab ayeuna mah geus
jadi jalma beunghar, dipéntaan tulung téh inyana kalah nyégag. Bari pok ngomong
sangeunahna: “Lah, boro-boro kudu barang-béré ka batur nu puguh mah kuring
sorangan ogé réa kénéh kabutuh”. Kituna téh bari jeung kuraweud haseum.
Malaikat némpas caritaan: “Sabenerna kaula apal ka anjeun. Apanan anjeun téh nu
baréto katarajang kasakit kusta nu kungsi diasingkeun ku papada jalma. Iwal ti
kitu, anjeun ogé kaasup jalma mararat. Ngan ku lantaran kamurahan Alloh SWT
anjeun dicageurkeun jeung dijadikeun jalma nu sagala aya kawas ayeuna”. Kalawan
sombong pokna: “Yeuh, mun hayang apal mah sakabéh harta-banda kuring warisan ti
bapa kuring. Sedeng harta-banda bapa kuring warisan ti aki kuring. Nyaho?”.
Sanggeus kitu, malaikat ngingetan: “Heug, ari kitu mah. Ngan mun anjeun wadul,
mugi Alloh SWT mulangkeun deui kaayaan anjeun kana kaayaan saperti baréto”. Da
puguh wadul téa, nya doa malaikat téh dikabulkeun ku Alloh SWT.
Satuluyna, malaikat
nepungan deui jalma nu barétona butak dina kaayaan butak. Sanggeus jonghok,
malaikat saperti ka jalma nu barétona katarajang kasakit kusta nyarios: “Kuring
téh kaasup jalma teu boga. Katurug-turug kuring téh béakeun bekel. Sedengkeun
lalampahan kuring masih kénéh jauh. Kuring ngayakinkeun poé ieu teu aya nu bisa
nulungan ka kuring kajaba Alloh SWT jeung andika. Kuring ménta tulung ka andika
nu miboga buuk gomplok sarta éndah turta pakaya nu sakitu lobana. Dipasihan
saharga sapi hiji ogé cekap. Ku kuring deuk digunakeun keur bekel nuluykeun
lalampahan. Wayahna tulungan kuring, juragan”.
Sabab ayeuna mah geus
jadi jalma beunghar, dipéntaan tulung téh inyana kalah ambek. Bari pok ngomong
sangeunahna: “Boro-boro kudu barang-béré ka batur nu puguh mah kuring sorangan
ogé réa kénéh kabutuh”. Kituna téh bari jeung jamedud baeud. Malaikat némpas
caritaan: “Sabenerna kaula apal ka anjeun. Apanan anjeun téh nu baréto butak,
buleneng semu hérang nu kungsi disingkahan ku papada jalma. Iwal ti kitu,
anjeun ogé kaasup jalma masakat sagala walurat. Ngan ku lantaran kamurahan Alloh
SWT anjeun dicageurkeun jeung ditakdirkeun jadi jalma nu sarwa aya cara
ayeuna”. Kalawan sombong pokna: “Yeuh, mun di dinya hayang apal sakabéh
harta-banda kuring asalna warisan ti bapa kuring. Sedengkeun harta-banda bapa
kuring asalna warisan ti aki kuring”. Sanggeus kitu, malaikat ngawaler: “Jeun,
ari kitu mah. Ngan mun anjeun bohong, mugi Alloh SWT mulangkeun deui kaayaan
anjeun kana kaayaan saperti baréto”. Da puguh bohong téa, nya doa malaikat téh
dikabulkeun ku Alloh SWT. Tegesna, balik deui jadi jalma butak jeung jadi jalma
teu boga.
Satuluyna, malaikat
diparéntahkeun ku Alloh SWT sangkan manggihan jalma nu barétona lolong dina
kaayaan tunanétra. Sakumaha ka nu duaan tadi, malaikat ngahaja ngébréhkeun
maksud kadatangana. Yén inyana merelukeun bantuan ti manéhna. Saur malaikat nu
nyamar jadi tunanétra: “Kuring téh jalma lieuk euweuh ragap taya. Kajaba ti éta
ayeuna kuring dina kaayaan teu gaduh bekel mangkaning lalampahan masih tebih kénéh
pisan. Kuring yakin teu aya nu bakal tiasa nulungan iwal ti Alloh SWT sareng
pangersa. Mugi pangersa teu kaabotan masihan embé ka sim kuring. Cekap sahiji
ogé”. Béda jeung dua jalma nu dipéntaan tulung ku malaikat saméméhna, jalma nu
katilu mah tumarima pisan. Pokna: “Kuring baréto sarua jeung anjeun, jalma
tunanétra sarta jalma mararat. Tapi, Alhamdulillah hiji waktu Alloh SWT
ngersakeun kuring jadi jalma nu bisa ningali (deui) éndahna alam dunya turta
mibanda kakayaan nu sakieu lobana. Ku sabab kitu, kuring sama sakali teu
kabeuratan nulungan ka anjeun. Mangga, bilih badé milihan ku nyalira ogé.
Sareng teu langkung salira badé nyandak sabaraha baé ogé. Nu penting aya sésana
keur kuring”.
Ngadangu jawaban bieu,
malaikat nandeskeun: “Hatur nuhun. Saéstuna kaula diparéntahkeun ku Alloh SWT
ngadoja aranjeun nu tiluan. Anjeun lulus tina dodoja. Ku sabab kitu Alloh SWT
rido ka anjeun. Sedengkeun nu duaan deui gagal tina dodoja ti Pangérana. Ku
kituna Anjeunna bendu ka nu duaan”.
Alloh SWT ngajelaskeun:
“Saéstuna ka maranéh baris ditibankeun cocoba dina hal harta-banda katut jiwa
raga maranéh” (QS Ali Imron [3] : 186). Alloh SWT ngadawuh: “Upama Alloh
ngersakeun tanwandé maranéh dijadikeun hiji umat nu tunggal, tapi Alloh rék nyoba
maranéh tina saniskara nu geus dipaparinkeun ka maranéh. Maranéh kudu
paheula-heula ngalampahkeun kahadéan” (QS Al-Maidah [5] : 48). Dina ayat séjén
Alloh SWT nétélakeun: “Jeung sing nyaho, yén harta-banda maranéh jeung
anak-anak maranéh téh ngan ukur cocoba jeung saéstuna Alloh, nya di Anjeuna aya
pahala nu gedé téh” (QS Al-Anfal [8] : 28). Dina ayat-ayat bieu tétéla yén
harta-banda, jiwa raga sarta rundayan téh dodoja. Dodoja kaimanan! Aya sawaréhna
nu lulus jeung aya sawaréhna deui nu gagal. Ngan mun nengetan kisah tilu urang
turunan Israél dina hadits nu dicutat dina bahasan ieu nétélakeun, inyana nu
lulus leuwih saeutik batan nu gagal. Tegesna, ukur saurang ti nu tiluan. Ieu
nuduhkeun dodoja ku mangrupa harta-banda leuwih beurat nandangana batan didoja
ku nu séjénna. Sakumaha pada ma’lum, hususna keur jalma nu ipis iman,
harta-banda bisa nyababkeun nu mibandana sombong, gedé hulu alias takabur.
Antukna, poho jeung nukang-nonggong ka Pangérana.
Dodoja ti Alloh SWT ka
manusa lain tanpa tujuan. Ti antara tujuan Alloh SWT ngadoja manusa nya éta
sangkan imanna leuwih kuat, ahlak sarta budi pekertina leuwih alus jeung rasa syukurna
ka Alloh SWT leuwih ngaronjat. Kisah nu kaalaman ku tilu urang turunan Israél
bisa tumiba ka saha baé. Ku lantaran kitu, sawadina sayaga dina narima kadar/papastén
ti Alloh SWT keur urang. Boh papastén hadé pon kitu deui papastén goréng. Allahumma
inni a’uudzubika min adzaabi jahannama wa min adzaabi al-qabri. Wa min fitnati
al-mahyaa wa al-mamaati. Wa min fitnati al-masiihi ad-Dajjal.***